Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Bénténg Vredeburg, 1 Maret

Senin, 3 Maret 2014

ISUK-ISUK. Saréréa geus kumpul. Peuntaseun bénténg. Tentara jeung rahayat. Baur. Ngahiji. Sabedilna-sabedogna. Sawaréh ngajingjing jamparing atawa bambu runcing. Ngadarepong. Nungguan aba-aba. Di jero bénténg, katangén pasukan Walanda. Samagréng. Sarua, nungguan aba-aba. Di antara  nu ngadarepong peuntaseun bénténg, katémbong lalaki tengah tuwuh. “Cul anak cul pamajikan,” gerentesna, "Hayang ngasaan ketir-keueungna perang." Biwirna teu eureun kunyam-kunyem. Leungeun katuhuna, diteueulkeun kana dada. Nu kénca tipepereket ngeupeul pérah. "Majuuu...!" Aba-aba. Bareng jeung hiung sirineu. Teu mindo paréntah. Saréréa, cengkat. Laju ngangsreg, ngajorag bénténg. Dibarung ku hoak jeung gorowok. Ditéma ku nu patingdérédéd ti jero bénténg. Patinggeleger. Manéhna, teu tinggaleun. Milu ngangsreg. Geleger! Gigireunna pisan. Koléang. Bluk. Manéhna labuh. Nangkuban. Disusul ku nu séjén. Bra-bru. Nungtutan rubuh. Perang beuki campuh. "Cut!" Reg. Perang eureun saharita. Nyésakeun simpé. Nyésakeun haseup jeung hangit pepetasan. "Bungkus!" Ditéma ku sora émprak. Nu ngagalolér patingkuniang. Kekepruk, laju nyaringkir. Kari manéhna. Sorangan. Hareupeun jungkiring bénténg. Ngudupung kénéh. Teu usik, teu malik.*

Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya