Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Keur Dee

Senin, 3 Maret 2014

DEE. Laksana ogé geuning, tepung jeung tungtung. Cunduk kana waktu. Kahariwang datang bareng kamelang. Keretas pulas kayas, meunang kahayang. Ngan hanjakal teu dibarengan ku potrét nu keur imut. Imut bagja, lain jeung Aa. Bet ngudar panineungan.
Dee. Naon atuh disebutna tali mimitran urang téh? Nu puguh mah teu diwengku ku ugeran jeung pasinina. Pikeun Aa, bareng reujeung Dee mah cukup neuteup ngumbar karep katut karesep, peun, teu leuwih. Najan mindengna raga paanggang, tina rérét nu asa-asa, antukna mah binarung rasa. Bari Aa ogé surti. Aa mah saukur tempat panglumpatan.
Liwung. Horéng, Aa leungiteun. Wilujeng, Dee. Tong salempang, haté urang tetep nganteng, kaasih bakal angger dipanteng. Hamo kahalangan ku anggang. Anggang mah ukur kalangkang, teu tepi ka rasa. Jauh urang ukur lebah juuh, moal jadi panghalang kana kahayang. Mugia sapaneja. Urang geus pada-pada kapegat bagja. Bati, bagja keur Aa. Salaki, bagja keur Dee. Tapi urang kungsi boga bagja nu duaan. Dee.*

Budi Mugia Raspati - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya