Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Anniversary

Rabu, 5 Maret 2014

NU ngalempréh ngagupayan. Bari rumanggieung disampeurkeun. Gering babarengan meni matak kaluman. Sanggeus deukeut, bari rénghap ranjug, manéhna ngaharéwos. “Hoyong diusapan.” Tina panonna nu celong jero, nyumirat cahaya katrésna, nu lana hurungna.
Asa bruh bréh, duaan dipapayung. Balik ti kantor pos tas nyokot pangsiun. Sok ngahaja méngkol ka pasar rék ngabaso heula. Atawa “Window Shopping” ka mol di puseur dayeuh. Duaan, bari pacekel-cekel leungeun. Tampolana bari dikakaléng sapaparat jalan.
“Dinten ieu Anniversary urang nu ka limapuluh. Hampura Akang kalahka nyangsaya teu walakaya. Kedahna mah aya pésta.” Dampal leungeun dicium, sirah diusapan. “Teu sawios, nu penting Akang énggal damang. Kapan badé ngajak amengan ka Santolo téa.” Carinakdak, teu téga ningali warugana. “Ngan pati nu baris misahkeun urang,” cenah, bari ngok nyium kana kening.
Sapuluh jam ti harita, buket kembang anyelir kasumba, mapaésan tetenggerna.*

Tiktik Rusyani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya