Saciwit Séwang
“MAMAH, Apa Enéng ka ana nya?” ceuk Zahwa, budak cadél nu keur lulucuna. Capétang.
“Masih damel Enéng, sakedap deui gé uih”
“Ah...! Sakedap baé Mamah mah. Kamali gé teu uih geuning.”
Jekuk! Badis jéb ngahantem angen. Rada meureudeuy geuwat dijawab, “Apana nuju ngalembur bageur, Eneng kedah sabar!”
“Geuning Apa ayeuna mah uihna malem Minggu doang, Mah? Biasana Enéng ameng baé saleng Apa.” budak rambisak sahinghingheun ceurik. Geuwat dirawu, diteueulkeun kana dada. Sirahna diusapan. Embun-embunanana diseuseup anteb. Bet ngilu ngarakacak basa rumasa nyimbutan kaayaan Bapana nu sabenerna. Cipanon nyakclak. Budak tanggah. Treup paadu teuteup. Réma-réma nu lalemes mangusapkeun cipanon nu murubut teu katahan.
“Mamah tong nangis Enéng sedih!” budak dikeukeupan digaléntoran.
“Enéng mah cekap malem Mingguan saleng Mamah gé!”
“Muhun bageur..., geulis..., pinter” neger-neger manéh.
“Mah, Maah...” hariweusweus
“Kaaah!”
“Pami Apana jalang datang tiasa teu digentos ku nu bageul?”
Jebét! Lir aperkat nenggel na caréham. Bangkieung. Leng...!. Bréh! Kacipta, jarongjonna.*
Mulyana SA - kisuta.com


