Anjing & Ajug
“NAJIS siah!” Ajug jejebris. Padahal antel gé moal. Manéhna luhur méja nyaangan nu ngaraos, anjing di buruan. Anjing ahirna pada ngabuburak. “Teu meunang deukeut ka tempat suci! Najis!” Mémang bener ari kituna mah. Tapi pan anjing gé sarua mahluk Gusti. Ari ajug pan jieunan manusa. “Suci aing mah!” cék Ajug. Ngaraos caket sareng ajengan. Jalma nu dirina ngarasa kacaangan kataji ku ajug. Pada muji. Ahirna ajug mirupa jalmi, kewes, kasép. Ajug dipercanten janten gegedén. Cumaritana gaduh pangaruh. Para ratu mikayungyun, para ménak mikanyaah. Artos diawur-awur, teu lebar da dipulang selir. Somah mimiti ngocéak. Talajakna kawas buta, laku lampah miyuni genderewo. “Nu ngabangkang podaran!” kitu paréntahna. Pangeusi nagri dirungrum ku kakeueung. Iwal tujuh pamuda nu teuneung, ka dalapan anjing. “Émut, nun,” cék nu tujuhan, ngélingan. “Aing ratu! Teu butuh maranéh, komo anjing!” gorowokna, neundeun ceuceub. Tujuh pamuda jeung anjing pada moro. Maranéhna ninggalkeun nagara. Blas-blus ka jero guha. Dibaturan tengtrem. Tibra.*
Herdi Pamungkas - kisuta.com


