Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Apartemén

Selasa, 11 Maret 2014

DI ieu apartemén. Urang lana nungguan manéh. Cuang-cieung. Nuguran sepi ti peuting ka peuting. Nginget-nginget saban kajadian duaan. Dina dalitna reureujeungan. Harga kaparawanan. Saabna gelas anggur. Bangetna linting ganja. Hésé bélékéna neleg pél. Patrian jarum suntik babarengan. Sajeungkal-sajeungkal karayap. Rosana rangsadan. Ngaregéh dina hiji wirahma ahéng. Tapi ahirna. Harita. Manéh bet téga mungkas saniskara lalakon. “Hampura...” Sora manéh dareuda. Gumeter ngasongkeun sacewir ondangan. “Manéh rék ninggalkeun urang, Vi?” Urang galideur nampanan. Atra. Aya potrét jeung titimangsa ngarungga ingetan. “Urang pareuman sagala geter nu pernah jeung moal kapibanda...” Sora manéh beuki beurat mengkek ambekan. “Naon hartina nu geus karandapan jeung sakabéh harepan?” Urang masih cangcaya. “Urang hayang cageur, manéh gé kudu cageur, Ke...” Sora manéh nu pamungkas. Laju ninggalkeun urang jeung keclak inghak. Tapi di ieu apartemén. Teuing ku lawas. Sanggeus taun-taun jadi isarah rusiah. Urang masih nungguan manéh. Jeung péso nu angger ngarogok tikoro. Katut rangasu ruruntuk tina sésa wangunan kahuru.*

Ari Andriansyah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya