Nu Caang Di Banjar Karang
TÉTÉNJOAN nu cikénéh remeng-remeng, mimiti narawangan. Kamar baranang. Lilin jeung lampu pacaang-caang. Matak hareugeueun. Leng. Reup. Panon dipeureumkeun deui. Nginget-nginget kajadian nu geus karandapan. Sanggeus puhu leungeun kabeunangan. Mabekna mesiu. Tingbelewerna batu. Katut hoak pirang jalma ti ditu ti dieu. Kateuing kumaha. Basa aya jurujus haseup bodas nu mancawura ti jomantara, dunya téh asa kiamah harita. Kapaksa mabur tiheula. Nyingakahan baruang nu teu disangka-sangka. Teu ku hanteu. Bakat ku baluweng. Linglung geusan nu dituju. Bet kawas muncang ragrag kana puhu. Diparengkeun apal kénéh jalan pangbalikan. Najan ukur semet pakarangan.
Nyah deui. Rét, kana buntelan. Panénjo diparatkeun kana cangkéng wanoja gigireun ranjang. Nu keur menekung handapeun arca mustikana. Gebay buukna. Gumuleng awakna. Nu harita nyipta ieu dunya jadi samagaha. Nu dipencrong bangun nu surti. Gasik ngalieuk. Laju ngadeukeutkeun beungeutna. Nepikeun haréwosna.
“Anjeunna nu maparin karahayuan.”
Teu wasa némbalan. Bari ngabangkieung, leungeun ngaragamang. Ngodok buntelan. Mushaf kameumeut téh tuluy ditangkeup pageuh pisan.*
Asep Komara - kisuta.com


