Lebah Tanjakan Gentong
TENGAH peuting karék kaluar ti parapatan Pamoyanan. Breg hujan gedé. Cilaka. Mangkaning AC-na pareum. Jaba muru waktu deuih. “Kadé ulah elat. Acara mulangkeun seureuh leuleus téh jam dalapan. Urang indit bada subuh!” SMS ti lanceuk. Lahaola. Mobil ngarayap. Bus, ka Tanjakan Gentong. Haté mimiti sebér. Loba kacaritakeun. Aya jurig bebegig.
Dasar sué. Jalan tiiseun. Taya treuk-treuk acan. Cetrék, MP-Player dihirupan. Jentréng, kacapi suling. “Mihapé sisir jeung minyak, kadé kaancloman leungeun....” Lagu wangun rarakitan ngagalindeng.
Béak tanjakan, aya nu megat. Lalaki. Tah, geuning aya batur. Reg. Kalacat, unggah. “Gancang, geus pada nungguan!” pokna. Lanceuk! Bajuna jibreg. “Ngahaja nyusul, hariwang.” Selengseng seungit kembang. Cungungung sada ajag babaung. Ah, dédéngéan! Gas ditincak. Mobil ngabelesur. Lebah péngkolan, galéong... jedak, tarang kana setir. Dirampa. Ukur bohak. “Cik, genténan ku Akang atuh!” Sok, dibikeun. Sirah asa muter kawas korsél. Muih. Les wé. Inget-inget geus nepi ka buruan lanceuk. “Jeung saha ti ditu?” Lanceuk norojol ti imahna.*
Nana Sukmana - kisuta.com


