Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Lain Peuting Sasari

Minggu, 16 Maret 2014

SIMPÉ. Ukur kapireng sora koréak. Ngéngklokan hiur angin nu ngagalur. Ngawur-ngawur rasa tagiwur. Enya. Sisinarieun. Kapan lain sakali dua kali nganteuran téh. Geus aya welasna kali. Maneuh. Saban tanggal sakieu. Wayah kieu. Mangsa bulan parahu ngangkleung di antara réwuan béntang. Nyorangan. Nyorang peteng. Kakaraeun. Bet aya rasa keueung. Kumalangkang marengan ketug jajantung. Seug teu butuh mah embung da kikieuan téh. Sieun katohyan. “Geus ah, semet dieu!” Ras ka nu ngalempréh di imah. Ras ka dunungan. “Pasir Astana. Blok tonggoh. Handapeun caringin kurung,” pokna bari ngangsrodkeun calana. Léngkah dikerepan. Mingkin deukeut ka nu dijugjug. Mingkin ratug. Bungkusan ditangkeup pageuh. Angger. Teu bisa negerkeun geter angen. Beuki deukeut. Beuki deukeut. Barasat! Lampu belor. Ti juru katuhu. Barasat! Ti kénca. Barasat! Barasat! Jleng! Jleng! Pirang jalma sembada. Maraké teregos. Samagréng. Ningker awak nu ngadégdég. Nu saurang nyampeurkeun. Ngajéwang bungkusan. Tuluy dibuka. “Positif!” cenah. Rob! Sarua. Ditareregos. Suruntul! Bru! Dunungan. Deku hareupeun. Leungeunna diborogod.*

Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya