Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kawin Batin Ii

Senin, 17 Maret 2014

SOLOYONG, rakit kosong. Taya sasaha! Dina angkleungan nu ka sakitu, situ jempling. Cara sasari, ngan riak beungeut cai nu giak nyisi.
Sajam katukang;
"Naon deui nu kudu dikélah? Kang!" Sapasang panon marengan sora nu halon. Nu ditanya bangun jongjon jeung dunya-na, dunya nu tingjelengéng. Napuk ceuli. Dunya nu tingarulang. Nunjuk beungeut. Beuki deukeut! Beuki deukeut! "Ah....," Sorana teu kebat, nongtoréng kénéh omongan juragan Wira. "Ngeunteung siah! Rék diparaban naon anak aing? Rék dibulutaneuhkeun?" Ari Juag Lastri, édas ku adab lanyap, najan brasna mah tangtu kana nyabit-nyabit piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir deui, kana asa suung asa supa, asa peupeundeuyan leuweung deui. "Ah..." Sorana ngan éta-étana. Rét! Ukur rérét. Nu digigireunana surti. Soloyong, rakit kosong. Loba sasaha! "Sasar ku jangkar!"*

Arom Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya