Nu Jadi Hikmah
NU ngahéroan mah, kurang kumaha! Asa jadi Arjuna wé, sugan mah. Tigin. Hayang ka nu can kaancloman geugeuleuh, ku haringhangna jaman kiwari. Nahun. Ngasruk. Milemburan. Antukna mah papanggihan. Teu weléh kapicangcam. Widadari tengah leuweung. Soréneun!
Nikreuh. Sanggeus ngaliwatan tilu pasir. Bréh. Suhunan imahna. Angen dumadakan ratug. Kabayang. Cara sasari, manéhna keur ngadaweung dina bangbarung. Bari tungkul nyumputkeun imutna. Suku asa gejed. Meni hayang jadi Gatotkaca.
Deuh! Ku éraanana. Matak gereget. Saban dianjangan, tara ieuh daék padeukeut. Nyempod di juru bilik. Ngeluk, bari ngaramesasan tungtung kurudung. Ditanya tiba éngab. Tapi béja ti indungna mah, cenah mun kuring mulang téh, sok hariweusweus. Meni agul. Mun peuting sok rajeun nyileuk. Hahariringan. “Lis, di dieu atuh calikna sing caket! Da engkang téh sanés ucing, moal ngerekeb ieuh,” cekéng. Bari seuri. Manéhna mimiti ised-isedan. Uman-imen. Témbong biwirna renya-renyu, nahan piseurieun. Na atuh! Barang keur kitu, ana ngiiik...” jep. Jerit. Gabrug.*
Yuharno Uyuh - kisuta.com


