Lapar Jeung Hanaangna
BANGUN nu ngalimed naker, nyocolkeun comot panungtungna kana daun cau, laju céplak ngalamotan ramo-ramo nu lésang ku sambel goang.
“Asa jadi jelema deui, Euy!”
“Har! Pan kamu gé keur jadi jelema?”
Taya jawaban. Kari sora cai nu dilekik. Ngusap biwir ku tonggong leungeunna, eureuleu.
“Heu-euh. Tapi da geus mangalam-alam teu barang dahar sangeunah kieu.” Pokna bari kutap-kétap. Ngarongkong pukis, wel!
“Lah, sok ngaleuleungit. Pan salila ieu gé kamu mah turun-unggah restoran, lin?”
Teu ngajawab. Beuteungna ngadadak nguliat basa inget poé-poé nu liwat. Kabayang kénéh ngucrakna, eusi sirah pajabat nu ledis dikecrokan ku sungutna. Saban babatok nu dipaké kokobok, laju dieusian ku komisi katut gratipikasi.
“Malas menit. Méméh diusir ku sipir, sayah balik heula nya!” celepot, katuhu-kénca.
Teu ieuh ngajawab. Bati neuteup tonggong nu ngaléos, cangkéngna, imbitna. Ninggalkeun hanyir saselap awakna. Ratna, jikan dunungan nu rajeun sumerah saban ngantégan proyékna, horéng kénéh satia.
Ah, boa kétah alatan ku hanaangna?*
Muhammad Shohiba Nu'man - kisuta.com


