Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Bisul ‘na Bujur

Rabu, 26 Maret 2014

ROMBONGAN tagoni pasantrén Hubbul Waton, Legok Kiara, maén dina hajat kawinan kulawarga Haji Basar. Dua biduan andelan, Céng Agus jeung Nẻng Ifah, piligenti nyanyi. Teu weléh pada ngeprokan.
Komo basa Céng Agus make gaya “jaffin”, nurutan Jamil Farouk, biduan Mesir kamashur, nembangkeun lagu “Bulbul, yang Bulbul” nu kungsi disohorkeun ku Nancy Azram, biduan Libanon, taun 2000-an.
“Ta’liman bil minal yang bulbul, ta’liman bil minal ya bulbul…
“Usuruni usuruni hasabana….”
Lebah dinya, ujug-ujug lat baé Céng Agus poho kana bait satuluyna. Tatabeuhan terus muni. Sora markis geus kekecrẻk panjang. Ngaisarahan sangkan lagu terus.
Tinimbang kawiwirangan, ngabigeu teu nyora, bari “jaffin”, Céng Agus gancang improvisasi. Ngahaleuangkeun bait dadakan :
“Aduh, aduh, bisul na bujur, aduh aduh bisul na bujur….
“Disuat mah disuat beunang matana….”
Ger nu lalajo keprok. Tingsaruit. Kataji ku gaya jaffin jeung kasidah “bisul ‘na bujur”.*

Usep Romli Abdul Hamid - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya