Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Reueus

Kamis, 27 Maret 2014

KALAN-KALAN ngaraos isin upami diajakan botram ku réréncangan téh. Bekel abdi mah sangu hungkul, paling undak sareng kurupuk atanapi beuleum asin. Upami nu sanés mah aya nu sareng tahu, témpé, kantenan Susi mah sok sareng gepuk atanapi daging hayam. Waktos kamari gé, ema abdi nuju ngakeul kénéh, réréncangan tos nyalampeur, ema rusuh ngahihidan. Tos teu aya haseupan sangu dipiringan, dicéngcléan beuleum asin. "Tah ayeuna mah jeung asin!" saur ema téh. Abdi mah tara ngawaler, mendak sangu gé tos untung, upami apa teu pupus mah panginten kahirupan abdi sareng ema gé moal sesah-sesah teuing.
Abdi mios ka tambakan balong nu ramana Susi. Pas dugi, teras calik ngariung. Brak murak bekel. Tuang sasarengan, silihraosan réncangna. Abdi mah teu wantun ngaraosan, upami dipasihan nembé diteda. Upami teu saréép, sakantunna téh sok dipasihkeun ka abdi, "Sanés ngahinakeun, candak kanggé ema!" saur Susi. Abdi ngaraos reueus, gaduh réréncangan téh balageur.*

Eni Setiani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya