Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Diudag Anjing

Sabtu, 29 Maret 2014

JEGUG! Sada anjing. Meupeuskeun simpéna peuting. Jegug! Sada nuturkeun. Haté gegebegan. Ras ka Bapa. Baheula, maot direwég anjing kukutan tatangga. Alatan mungpang kahayang nu bogana. Léngkah dikerepan. Tapi teu bisa lumpat. Ridu jeung beurat ku babawaan. "Omat, jajapkeun wengi ieu pisan. Énjing énjing-énjing badé dilélangkeun." Jegug! Jegug! Asa beuki réa. Ditéma ku laung babaung. Lapat-lapat ti galeuh tabet. Mimiti ratug. Jajantung. Ras ka tatangga. Teu walakaya, dirogahala anjing-anjing kukutannana. Alatan leuir ngawur parab. Jegug! Jegug! Jegug! Beuki deukeut. Beuki ragég. Awor jeung nu patingkedepruk. “Lumpat? Ah, naha da aingah lain bangsat,” ceuk haté. Sabil. Inget ka lanceuk. Awakna rangsak. Baheula. Dirempug anjing kukutan aparat. Alatan disangka bangsat. Jegug! Tukangeun. Ngawani-wani manéh. Eureun. Ngécagkeun babawaan. Rét ka tukang. Barasat! Cahya sénter. Patingbarasat. Bréh. Mangpirang dedegan. Narungtun anjing. Ngajaringjing kélébét. Mangpirang pasang panon. Moncorong. Mencrong kana babawaan. Bangun nu harayangeun. Gep. Regeyeng. Babawaan dipanggul deui. Beretek! Lumpat. Sakalumpat-lampét. Muru kantor KPU. Jegug!*

Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya