Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Pangaresep

Selasa, 1 April 2014

HORÉNG geuning kabéh para koruptor téh boga pangaresep nu sarua nya. Jadi koléktor! Koruptur si A mah, pangaresepna téh ngoleksi mobil mahal. Koruptor si B mah, karesepna téh ngoleksi imah méwah. Koruptor C mah lain deui hobina téh. Ngoléksi nu gareulis. Rupa-rupa pisan kamonésan téh. Abong kéna ngagugu pangaresep bari jeung duitna nyampak. Pajarkeun geuning cicis koruptor mah los meter. Teu aya nomer sérian. Bubuhan teu kakésangan, digolontorkeun sabaraha waé ogé, teu jadi sual. Béda jeung konglomerat. Sanajan beunghar. Duitna triliunan, sakalina meuli mobil gé kudu asak pikir. Marga lantaranana nya kitu, beunang ngésang téa pan ngalana. Beunang dicirikeun da pangaresep konglomerat mah, aya hargaan. Lukisan wanoja nu gareulis, upamana. Sakitu puluh taun deui, pasti regana bakal ngaronjat. Aya deui nu ahéng téh. Pangaresep barudak jaman kiwari. Teu di kota teu di desa. Sarua resep barang antik. Cék cenah mah, milih caprés gé nu ararantik… Dasar karesep!*

Deni Riaddy - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya