Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Si Kumpay

Rabu, 2 April 2014

NU geus dianggir, nangtung deukeut tangkal tanjung. Ngahihidan buukna nu hideung panjang. Cahayaan katojo matapoè nu karèk rumangsang. Patingburicak siga ditarètès berlian. Jadi kalangenan nyèrangkeun manèhna tina jandèla dapur, dedemitan ngarah teu katohyan
Nu sampulur, lungguh andalemi. Imut manisna remen ngalangkang na impian. Bogoh lalaunan. Resep ku pinterna, somèahna jeung binangkitna. Si kumpay anak Bi Nènah, tukang asakan nu mangkal di pèngkolan.
Sering pasarandog di lawang panto, mun manèhna nganteurkeun asakan pesenan Mamih. Hareugeuun ningali hihideung matana nu rubak, irungna nu bangir jeung biwirna nu bangun kareueut. Mojang tujuhbelasan meujeuhna gumading. Geus lila diceungceum, dijadikeun kembang lamunan. Duh, mun seug...
“Geulis nya?” Ceuceu noèl kana cangkeng. Reuwas, terus ngabèlèhèm. “Hanjakal lain anak haji...”* 

Tiktik Rusyani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya