Iqra
JANDÉLA kameumeut kuring. Mindeng pisan dibuka. Harita basa kuring keur ningali katumbiri dina éta jandéla, Mamah tos aya di sisieun. Reuwas. Duka ti iraha Mamah tos aya di dinya. Anteng teuing tuda ningali katumbiri. “Tétéh, Mamah badé ngajak Tétéh ka hiji jandéla. Anu dina éta jandéla, Tétéh tiasa ningal sadaya,” pokna. Kuring bingung, jandéla nu kumaha éta téh. Da saur Mamah dina éta jandéla tiasa ningal langit, laut, gunung, rupu-rupi kembang, rupi-rupi kukupu, malahan mah ningal nagara deungeun ogé tiasa. Komo ningal katumbiri, saurna tiasa saban waktos. “Na jandéla nu kumaha éta téh Mah? Saageung kumaha?” panasaran. “Jandélana mah sami saageung jandéla kameumeut Tétéh. Pasagi. Anu benten téh koncina,” témbalna. “Kumaha kitu koncina Mah?” kuring beuki panasaran. “Koncina téh Iqra,” témbalna bari seuri. Kuring tungkul. Éra. Rumasa kedul muka jandéla nu éta mah.*
Indah Eka Lestari - kisuta.com


