Gedong Sigrong
WANGUNAN weweg. Ẻndah. Gaya arsitẻktur mutahir. Di lamping pasir. Dikuriling ku patamanan asri. Pinuh kekembangan warna-warni.
“Saur Bos, sing saha nu bisa manggihan cacad ieu gedong, baris dibẻrẻ hadiah umroh,”cẻk patugas Satpam nu jaga di dinya.
Sakur nu ngadẻngẻ, ngaharuleng. Kabita ku hadiah pikabitaeun.
Teu burung aya nu wani. Aki Samun, merebot masjid jami di ẻta lembur. Ngadep ka nu boga gedong. Pok ngomong :
“Cacad ieu gedong,”cẻk Aki Samun.”Lantaran aya di alam dunya. Bakal kakeunaan ku ruksak. Di alam dunya mah taya nu langgeng, boh bandana boh nu bogana.”
Heuleut saminggu ti harita, ka ẻta gedong rabul jalma daratang. Patugas Komisi Anti Korupsi. Napelkeun plang badag : Bangunan ini beserta isinya, dalam penyitaan KPK.
Si Bos kabẻjakeun asup ka sẻl tahanan. Bororaah inget mayar jangji ngongkosan umroh ka Aki Samun. Mikiran dirina sorangan ogẻ, teuing kumaha.*
Usep Romli Abdul Hamid - kisuta.com


