Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Topi Buleud

Senin, 7 April 2014

BASA kabogoh Si Jay ulang taun, Si Jay ngadadak ngarasa bingung. Keur mah kakara boga kabogohna ogé,  bari  jeung teu kapikir rék méré hadiah naon. 

Sanggeus tunya-tanya ka babaturanana, tatanggana jeung aki nini-na, Si Jay ahirna saged rék mangmeulikeun Topi buleud keur Si Néng. Ngahaja meulina oge di Mol, méh model jeung warna-na bisa  milih sakarep.
 
Sanggeus pulah pilih bari dicobaan kana sirahna, buru-buru Si Jay ka kasir. Ku sabab keur ramé téa, si Kasir nu biasa mungkusan  barang-barang balanjaan téh rada riweuh, antukna topi nu dibeuli ku Si Jay patukeur jeung calana jero  nu dibeuli ku ibu-ibu lintuh bayuhyuh nu ngantri di sabeulahna.
 
Kusabab teu sabar hayang buru-buru mikeun hadiahna, Si Jay teu mariksa deui eusi bungkusanana.  Saméméhna, kotrét nyieun  surat, tuluy diabuskeun kana bungkusan éta. 

Kieu eusi suratna téh : 
 
Néng... 
Ngahaja Akang masihan ieu hadiah keur Néng, kusabab Akang gé apal, Néng tara nganggo ieu mun angkat-angkatan. Ngahaja milih nu warna beureum, sabab Akang kungsi ningali Néng nganggo nu warna héjo.
 
Akang yakin ukuranana pasti pas,  sabab saméméhna ku akang dicobian heula. Hoyongna mah Néng, akang nu mang-nganggo-keun ieu ka Néng téh ... 
Mun Néng resep kana hadiah ti akang ieu, dinten saptu engké dianggo nya! Bari urang ké jalan-jalan.

Salam sono,
 -Akang- 

éNBé : 
Oh enya Néng, modél nu keur usum ayeuna, ningali dina majalah  sareng pilem mah, nganggo-na rada diturunkeun béh payunna,  bari  rambutna  katingali sakedik.*

Is Tuning - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya