Topéng Uing, Totopéngan
GAP. Rap. Ngan sakilat, salin rupa. Uing, ngengklak. Anteng, maneuh. Di juru. Képrét sodér, gedut, tindak tilu. Ngalagena. Teu hayang ngawaro, séah éar nu lalajo. Peuting ieu. Enya, peuting ieu. Uing kasoran. Capé. Rénghap ranjug madungdungkeun ruruhit diri. Nyumput buni di nu caang.
Kését rebab, nyasaak rasa. Peurih...! Beuki peurih...! Bohak kaséblok budah uyah. Guligah. Basa manéh tanggah. Ranggah. Tepak kendang ngageder-geder jajantung. Ngahuru amarah. Uing, sarah jeung cimata!
Meunggeus...! Cukup! Réngkak uing, réngkak pamungkas.
Katalimbeng. Maca SMS : “Aka, Nanay tos bosen ngimpleng kalangkang salira. Hoyong patepang raray. Diantos, di Taman Mawar!”
Meungpeung simpé dikeukeupan indung peuting. Meungpeung wawanén kandel ngadagleg. Cekés. Gur. Ngadak-ngadak mabra. Guyur. Topéng uing, totopéngan. Rénghék. Hangit.*
Nena Cunara - kisuta.com


