Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Ngadu Domba Adu

Rabu, 9 April 2014

JEDAK! Jedak! Jedak! Tanduk silih adu. Hulu silih teunggar. Gibeg! Awakna ngagibeg. Ngagibrig. Duanana mundur. Ngawahan. Nu surak éak-éakan. Suruduk duanana nyéak. Jedak. Rumpuyuk. Bru! Dogdog ngéar. Nu lalajo saruka-suka. “Aya ku hadé domba téh, Mang. Tah duit lima yuta! Kontan diduitan ku uing nya...” Bro duit sagepok diteundeun dina jukut, ku nu di dudukuy laken. Duit dirérét. Gideug. Domba hadé katangkasan kieu mah moal di murah-maréh. Enya gé dagingna akur jeung domba séjén, da lain ku beuratna naksir domba adu mah. Kukatangkasan dina makalangan. Taktagé taya harga pasaranana. Poé ngagayuh ka beurang. Pakalangan geus coréngcang. Pada ninggalkeun. Gura-giru bébérés. Sup duit panyecep di kana saku calanakeun. Domba ditaékkeun kana colt buntung. Geleser muru lembur. Kudupruk! Teu kurah-karuh domba ngudupruk. Pakalangan gé masih katempo kénéh. Berebey beureum. Leungeun laju nutupan ngocorna getih. Karagap aya nu ngagurinjel lebah igana. Disusud ku curuk. Molongo siga tapak pélor.*

Deni Riaddy - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya