Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Pasea

Kamis, 10 April 2014

"Jay, hampura uing nya.."
"Heueuh Dul, uing gé ménta dihampura"
"Uing loba dosa ka manéh téh …"
"Uing nu loba dosa mah ka manéh téh, Dul"
"Pan, uing nu sok tiheula ngaheureuyan wae manéh.."
"Rarasaan mah, puguh uing nu sok ngaheureuyan tiheula téh"
"Uing apanan anu sok luduk lédék ka manéh"
"Heueuh, tapi pan uing mimitina pan?"
"Rarasaan mah uing tiheula nu salah ka manéh téh"
"Ah henteu, puguh uing..."
"Uing ah, Jay"
"Ih ari manéh, puguh uing.."
"Uing nu salah téh Jay, uing!"
"Naaa ari manéh atuh, meni keukeuh kitu, puguh uing nu salah!"
"Lain keukeuh, da mémang kanyataanana kitu, uing nu salah!"
"Uing!"
"Uing ah!"
"Na ari manéh atuh ni kabina-bina teuing, uing nu salah mah!"
"Manéh nu kabina-bina mah, puguh uing nu salah!"
"Belegug pisan manéh mah, puguh uing nu salah ka manéh!"
"Uing nu salah ka manéh mah!"
"Uing! Belegug!"
"Manéh nu belegug mah"
"Bangkarwarah"
"Sia nu bangkarwarah mah, hakaneun tétélo!"
"Sia!"
"Ah, puguh sia!"
"Naon ari sia? Ngajak gelut sia téh ka aing?"
"Hayu! Sugan aing teu wani ka sia?
"sbvxcaso9uqwe @&*%^@*!"
"wqiowe1,ehl1wjeh;1w!"*

Is Tuning - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya