Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Operasi Husus

Jumat, 11 April 2014

"ENYA, kitu wé. Bral. Sing harasil. Engké soré, ditungguan di béském. Kadé, ulah salah sasaran." Bener ceuk si Bos. Ramé. Urang lembur, tumplek ka alun-alun. Saréréa. Awéwé-lalaki. Kaasup barudak abégé nu can baroga hak pilih. Tungkeb. “Ari ditarékahan mah, tangtos aya hasilna,” ceuk ketua PPS. Enya, kréatip panitia pemilu téh. Tujuh TPS diriungkeun. Ngahaja. Wangunanna dijieun béda. Unik. Matak resep nu ninggali. Teu sirikna paheula-heula. Nu ngaradon narsis. Juprat-jeprét. Sabudeureun TPS. Nu daragang, dibéré lapak. Diperenahkeun dina balandongan. Sagala aya. Ti mimiti kadaharan tepi ka papakéan. Puguh waé nambahan ramé. Katambah-tambah, panitia ogé ngayakeun panggung hiburan. Organ tunggal jeung pintonan seni-seni tradisi. Nu tos nyolok, teu terus mulang. Ngadon jarajan atawa lalajo heula. “Tah, ieu karék ngaranna pésta rahayat,” ceuk Bah Damini bari jogéd. Tepi ka beurang, alun-alun teu leungiteun aweuhanna. Basa panitia mimiti ngitung hasilna, sabalad-balad geus ngariung di béském. Ngitung beubeunangan. Ngiker-ngiker persénan. Ngiker-ngiker imut nu di imah.*

Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya