Sastra & Humor
Dongeng Pasosore
Budak Soméah
Jumat, 11 April 2014
DINA jero angkot, penumpang téh padedet. Gigireun si Jay, aya ibu-ibu nu ngarérépéh budakna nu ceurik baé.
"Hoyong Nénén panginten Bu," ceuk si Jay.
Si Ibu ngabetem, angger ngarérépéh budak. Tapi budak téh kalah beuki tarik ceurikna. Tungtungna mah, indungna ngéléhan, kajaba éra ku panumpang séjén. Budakna tuluy disusuan bari dituruban ku samping.
Ngan teu lila, budak téh nolol deui tina samping, bari pok ngomong ka si Jay: "Ngaleu’eut A..."*
Is Tuning – kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


