Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Wadal

Minggu, 13 April 2014

NINEUNG ku tegerna. Awak geus bengkung ka hareup gé, teu jadi halangan mamanggul suluh, jualeun ka pasar di lembur peuntas. Sanajan geus sabelas taun ayeuna, usahana teu beurat teuing. Saprak jembatan ciraséa dioméan mangsa pilkadés dua usum kaliwat. Cenah, méméh dioméan mah, nu rék meuntas téh, kudu ngaluarkeun ongkos rakit, atawa ancrub kana walungan nu caina kadang-kadang pikahemireun.
"Bah...kénging teu abdi ngiring ka leuweung?" Ditanya kitu téh ngadon neuteup, bangun nu lewang. "Mun indung bapa hidep aya kénéh. Tangtu bakal reueus boga anak siga hidep, Cu!"
Ras kana carita abah, aki kuring. Cenah si ema maotna téh basa ngalahirkeun kuring. Sedeng si bapa mah leungit sabulan ti harita.
Dua poé sakali kuring sok ngilu ka leuweung. Néang suluh keur jualeun. Mun pareng meuntas jembatan, abah sok ngarandeg heula, gegereyeman. Teu loba tatanya, da sok katingali dina socana aya nu ngeyembeng.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya