Parawan Séken
MINAH nu baruntak rumah tanggana boga anakna hiji awéwé umur dua taun satengah, Yanti ngaranna. Dikersakeun amprok jeung Majid jajaka jekékan nu keur barusuh manah alatan bébénéna ngijing sila.
Ngarasa sanasib. Silihubaran haté nu bohak. Ngadahup.
“Kang badé dianggo ayeuna?” Minah nawaran na peuting munggaran.
“Nyalsé baé Mah. Ké wéh tos rinéh nya?” ngamamahkeun anak sampeuran nu can tibra saréna. Kiwari Yanti geus rumaja adian tilu. Opatanana lir dulur sakandung. Dipikanyaah jeung dipikadeudeuh teu diwilah-wilah.
Mangsana Yanti dirapalan, bapa aslina nu teu nguruskeun, datang ngawalian. Yanti sasalaman sahinasna baé basa prosési sungkeman. Lebah sasalaman jeung Majid, Yanti ceurik balilihan bari dareuda nyarita, “Apa hapunten abdi! Rumaos teu tigin nyepeng amanah.” Dua pangantén paungku-ungku na lahunan Minah jeung Majid. Diusapan tonggongna. Hujan cimata teu kaampeuh, bedah tina lalangit ati.*
Mulyana SA - kisuta.com


