Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Aya Dina Implengan

Senin, 14 April 2014

WANCI sareupna. Anjog ka basisir. Bari nyanghareup laut satungtung deuleu. Ngarénghap sakedapan. Jelegurna ombak teu cara sasari. Leuwih leuleuy. Sanajan kitu, teu ngurangan éndahna basisir Cebu. Pilipina. “Hey! Tos lami? Iraha ti Énonésa, Kang?” Reuwas. Atoh ongkoh. Ndah ngagareuwahkeun lamunan. Song ngajak sasalaman. Pung ingetan ngapung ka mangsa keur babarengan jeung manéhna. Mangsa aamisna hirup. Kareueut keur duaaneun. Hanjakal pagawéan misahkeun. Kungsi éta gé ditawaran ulah digawé, kalah beuki neungtreung. “To work is to love. The one who loves work is always young,” Pajarkeun téh. “Ndah, mending urang mulang yu! Urang ngawangun lembur! Nanahaon di lembur batur. Sanajan Ndah nyanyi ku sora widadari, tapi mun haté teu marengan. Mangka éta pangdangu bakal katutupan tina sagala rupa sora. Sora nu ngéar wanci beurang jeung tatabeuhan nu muru ka peuting.” “Moal, Kang! Ndah geus kacangcang ku urang dieu.“ Ngahuleng. Jauh dijugjug. Kamana deui Ndah, néang anjeun…?*

Deni Riaddy - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya