Ka-Bé
DINA hiji waktu, Bu Susi nalika petugas penyuluh Ka-Bé narosan ibu-ibu di hiji wewengkon :
"Ibu-ibu, ngaranggo alat kontrasépsi naon dina ngajalankeun program KB ieu?" Bu Susi naros.
"Abdi mah nganggo pél," saur bu Nunung.
"Pami abdi mah nganggo spiral," ceuk bu Tati.
"Sami, abdi gé nganggo spriral," ceuk bu Neneng.
"Abi mah disuntik, Bu!" Saur bu Mimin.
"Pami bu Eti?" Saur bu Susi bari merong.
"Heu heu .. abdi mah.. ah, isin bu!" Bu Eti kulumas kélémés.
"Kunaon bet isin?"
"Ah isin wé.. "
"Muhun kunaon isinna, sawios, carioskeun wé atuh da moal nanaon ieuh."
"Nya atuh.... mmmh....Abdi mah nganggo jojodog," ceuk Bu Eti bari tungkul.
Ibu-ibu nu séjén, ger saleuseurian. Atuda, maenya alat KB ku jojodog.
"Maksadna kumaha bu?" Saur bu Susi naros deui.
"Kieu Bu. Pan carogé abdi mah pendék. Jaba ari taeun téh hoyongna bari ngadeg"
"Teras?"
"Carogé abdi naék kana jojodog. Tah, pami carogé abdi tos peureum beunta, buru-buru wé jojodogna ku abdi ditajong.. "*
Is Tuning - kisuta.com


