Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Nyaleg

Kamis, 17 April 2014

BESEKEL. Minantu Si Kuwu. Teu weléh édég. Légég. Nyaleg. Gawok. Basa solat jumaah, dumadakan sirahna dibulen. Ngocoblak dina mimbar nu can anggeus. Jamaah tinggerendeng. “Tenang, ieu masjid bakal agréng!” pokna.Tatag naker. “Leres, neda piduana,” Si Kuwu mairan. Bari paciweuh ngabagikeun yasin nu aya potrét Si Degul.
Peutingna. Si Degul muru imah indungna. Nu ngalempréh sahoseun. Kakaratak. “Ma, ayeuna mah pasti gul, engké ogé kagantian!” ngaléos. Dituturkeun panon beueus.
TPS geus suwung. Si Kuwu kasurupan. Ngajrag. “Sawah aing...” pamajikanana jejeritan. Si Degul teuing ka mana.
Pasosoré. Langit angkeub. Di Pos Ronda jelema tingkecewis. ”Nying! Gagal maning, gagal maning...” aya nu ceuceuleuweungan dina puncer tower listrik. Ulad-alid. “Turun, gejul!” Ma Unah ngajorowok, bari nangkeup anakna nu keur bureuyeung. “Gagabah, siah!” pamajikan Si Degul nyirintil. Der galungan. Silih jengut. Pada ngarobrob. Nu kakalacangan motah. Humariring. Awor jeung sora nu tahlil. Ngaleut nganteurkeun layon. Dipirig girimis ngepris. Lembur mingkin cakueum.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya