Jeung Sabenerna
KIEU geuning ari bogoh nyaan mah. Najan pernah rangsak disasaak, kanyeri téh ujug-ujug cageur. Teu pira, ukur ku seuri anjeun. "Ongkoh badé hilap...tapi naha ngainbox deui?" cenah.
Ah, atuda teu kuat lila-lila teuing. Lima jam gé karasa simpé. Simpé nu leuwih tiis tibatan halimun peuting kamari.
"Abdi mah tos dijodokeun. Teu kénging langkung teuing ti kawit ayeuna mah," ceuk anjeun.
Deuh, naha maké jeung kitu sagala. Najan geus dipimilik kunu lian gé, kuring mah tara éra némbongkeun rasa. Sing jongjon wé. Keun urusan haté mah, kuring nu ngajagana.
"Hoyong geura cacap ngajak ameng manah. Hoyong énggal uih ka sisieun talaga."
Anjeun ngusap kaca jandéla. Tapak hujan peuting tadi, nyamarkeun paningali.
Kuring nangtung luhureun parahu. Macaan kalimah nu kabulusan.
"Di dieu, dina tangkeupan nu ieu. Aya tatu nu beureumna seungit samoja."*
Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


