Ruruntuk
CAI godogan seureuh di kana jolangkeun. Ngeueum sakeudeung. Ritual méméh mangkal di losmén Parapatan. Wedak, sisir, lipen, tisu jeung parpum geus parimpen na dompét kosmétik. Nu ngalangkang na eunteung, camohok siga bebegig. Emh...umur teu bisa nyumput dina kandelna mik ap. Geus béak Mariska téh. Kembang ranjang hotél kelas bintang. Hayang eureun, tapi teu bisa. Gentong nu celong, kontrakan bayareun, nu gering ubaraneun. Numpu kana napakah tina awak nu rangsak jeung haté nu bohak.
Hirup siga korsél, muyeng muter balik deui ka titik pamiangan. Teu ka luhur teu ka handap. Mulan- malén marabkeun manéh ka ajag nu lapar ku asmara sageprakan. Ngagayem dosa, nguyup cimata.
Moal...moal apaleun Ambu mah, anakna kokoléaban siga rakit kaséréd caah déngdéng nu euweuh eureunna. “Tuang Ibu kedah cuci darah saminggu dua kali.” Kapireng deui sora dokter. Matak nyeuit, siga gelik suling tina hapé Mamih. Méré isarah mun datang sémah.*
Tiktik Rusyani - kisuta.com


