Karagragan Bulan
KANG Deni naha anjeun mani tega kitu hianat? Naha anjeun teu ningali barudak, buah kanyaah urang nu sakitu getenna ngadu’akeun bapana? Naon atuh salah kuring teh? Ti saprak urang kawin nepi ka kiwari pisan kuring sakitu satiana ka anjeun.
Naha kuring loba pamenta? Pan resiko ge lamun dibere ditarimakeun, dina henteuna kuring tara rumahuh. Narima. Mana kitu ge sakitu rijkina. Tapi naha anjeun make kawin deui atuh. Nyeri hate teh. Peurih kacida. Kuring asa jadi jalma gelo. Pikiran ngan dieusian ku hianatna anjeun. Hianatna salaki nu salila ieu dipikaasih, dipikadeudeuh, jeung dipikareueus.
“Neng nuju naon hulang-huleng luhureun jambatan?”
Gebeg! Kuring reuwas kabina-bina. Rikat manehna newak awak kuring. Basa geus kumpul kabur pangacian, kuring neuteup manehna nu ngewat awak kuring. Breh Riaddy keur neuteup seukeut panon kuring tembus nepi ka jajantung.
Hawar-hawar sora kareta keur ngembat dina tincakeun. Kang Riaddy siga nu surti neuleuman kaayaan hate kuring.”Hayu neng, urang teruskeun lalakon urang nu peunggas kamari…”*
Deni Riaddy - kisuta.com


