Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Pigura Nu Mérékplékan

Minggu, 27 April 2014

UING jujur. Sakapeung manéh sok ujug-ujug ngahintul dina tungtung ingetan. Terus ngabokéran deui gegedoh rasa nu geus ngagibleg. Taun-taun. Mun geus kitu, uing ukur bisa ngarenyu meueusan. Tuluy neureuy ciduh nu sok dumadakan peuheur. Lelembutan mah sataker kebek gigideug. Nyieuhkeun peureundeuy manéh. Ngépéskeun haroshos manéh nu harita paudag-udag jeung séah basisir.
Kawas ayeuna. Mangsa uing hual-hiul. Manéh ujug-ujug ngagéléhé dina cileuk peuting. Ngaborétékeun deui rupa-rupa céda. Dina rupa-rupa léléwa. “Masing kalah kumaha ogé, galura mah biheung pukah ti sagara,” ceuk manéh. Bari léléndéan deui dina mamaras nu geus réngat. Taun-taun. Tapi cara sasari, rasa ukur wasa kumalieus. Nyingkahan héabna ambekan manéh nu beuki ngagarajag.
Janari leutik. Uing anteng kénéh melong potrét manéh. Bruh-bréh deui. Harita. Urang papada malidkeun geugeuleuh dina gulidag budah nu hangru. Ayeuna kaangseu deui héokna dina pigura tineung nu geus mérékplékan. Potrét uing. Potrét manéh. Samar-samar robah jirim jadi anjing. Laju, hawar-hawar aya nu nyungungung. Jeroeun dada.*

Nana Sukmana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya