Bung Kusan
HULENG jentul saba’da ditaladung pamajikanana nu tas balik ti Arab. “Lalaki taya ka gableg!” majar téh. Kusan léah papisah. Can gé leler, jol aya nu datang ti lembur, ngabéjaan yén lanceukna gering parna, sidekah natus indungna jeung nagih hutang nu geus ‘jatuh témpo.’ Kabéh butuh waragad harita, mareng tur lain duit saeutik.
Kusan ngabelengep. Mangsa sareupna, ngalangeu dina papanggé hareupeun sakolaan ngalaksanakeun tugas salaku caraka bari ngabrangbrangkeun haténa. Anteng nyawang nu lalar liwat, aya motor ngabiur rusuh. Palebah Kusan diuk, pluk! Gorolong! aya nu murag tina tas géndongna.
“Héééy...! Eureun! Eureun!” Kusan ceuceuleuweungan. Tonggoy. Jalan simpé. Bungkusan dirawatan.
Tutas netepan. Kusan muka bungkusan. Bréh gebeg! Mata simeuteun. Kusan jadi hésé saré, bungah campur sieun. Rét ka luar. Nu pulang anting di jalan hareupeun sakola, kokotéténgan najan sabudeureun mongkléng.
“Bikeunkeun ulah, bikeunkeun ulah?” pagaliwota na dada. Sabil. Kusan nampilingan pipina sorangan, asa ngimpi nénjo eusi bungkusan.*
Mulyana SA - kisuta.com


