Dyah Vodkalovska
TENGAH peuting di Pushkin Square. Tiis nanceb dina puncerna. Sup ka hiji kafé. Heurin ku jelema. Gumerendeng. Saban kecap kapireng ngawianjana. Gék lebah méja bar, pangjuruna. Ngalaan ushanka, nyambat vodka sasloki, laju muterkeun korsi. Seblak! Asa kungsi ningali. Ditilik-tilik, boa piraku. Dejavu.
“Nepangkeun! Dyah. Dyah Vodkalovska.” Ngasongkeun léncop rérémana. Gebeg! Geuwat ditampanan. “Eu.. Bankarov.” Walon téh rumegog. Teuteupna nyirorot, laju ngalieus. Ngalices. Taya deui paguneman satutasna. Adu kemba. Bati mencrong genyasna vodka; mikalangkang jirim manéhna. Nu meusmeus ngalieuk maokan teuteup.
“Silene Stenophylla!” Nu geulis muka carita. “Kumaha?” pok téh kerung. “Sumuhun. Silene Stenophylla. Fosil kembang ti jaman és nu kamari ditarékahan ku para ilmuwan, kiwari tos ligar deui. Kaahéngan téhnologi!” Bari ngangkatkeun gelasna, “euréka!” Imutna mangkak. Boa ngaleykeun salju Januari, nu nyimbutan patamanan Serebryanyi. Ah, dumadak rusras ka Cikawali.*
Muhammad Shohiba Nu'man - kisuta.com


