Sastra & Humor
Fikmin
Cimata
Selasa, 6 Mei 2014
NU matak jadi pikiran téh: Naha? Lamun pareng kawénéhan amprok. Manéhna sok tuluy ngasongkeun sababaraha siki cimata. Simpen! Cenah, malah mun bisa mah pelak. Anéh. Unggal datang ka imah, éta siki cimata sok kasampak keur diparebutkeun. Mun teu dicoo ku panon budak, disumputkeun ku indungna. Hiji mangsa. Basa enya-enya ngarasa nyorangan. Ras inget ka manéhna. Geus lawas teu nepungan. Panasaran. Nékad ditéangan. Weléh, taya tapak-tapakna acan. Ngan aya sababaraha siki cimata, murag tina panon kuring.*
Arom Hidayat - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


