Maluruh Nu Pundung
BASA Kelud ngabaledug. Manéhna ngabelesat, napak kancang. Mawa kamelang. Geblus. Asup kana haseup nu mulek. Bari ngebut-ngebutkeun karémbong lawas, mangsa kayas. Kokotéténgan. Ngaheruk dina sela-sela ‘nu tingjarerit. “Bu, geuwat geura nyingkah!” ceuk patugas. Manéhna ukur meureudeuy, panonna beueus. “Sujang..! Meunggeus, hayu urang mulang!” Gerentesna...
Wanci sareupna. Dina beus anu ka Subangkeun. Panumpang galécok nyaritakeun gunung bitu. Manéhna diuk dina jok tukangeun supir. Wungkul ngaheruk. Bari nutupan beungeutna ku karémbong. “Bu, mulih ti mana, sareng badé ka mana?” ceuk supir. Semu leuleuy. “Ibu téh, wangsul maluruh pun anak, ti Sinabung, teras ka Kelud,” walona. Sorana halimpu naker. Jep. Panumpang bangun nu kasirep. Laju silih rérét. “Ibu téh, melang ku goréng adatna,” pokna deui. Supir ungeuk-ungeukan. Bangun rék ngalengut. Béak tanjakan Cikolé, beus dumdakan oléng. Panumpang tingjarerit. “Jang! Ibu mah turun didieu wé...” cekiiit! Reg.*
Yuharno Uyuh - kisuta.com


