Mindojodo
PANTO hareup nu ngabagéakeun, saukur diliwatan. Kitu deui basa sopa ngahiap-hiap, ngajak gogolédagan, teu ieuh dianggap. Gelas-gelas carinakdak, méjikjér, piring-séndok tinggarupay. Pajarkeun téh lawas ti lawas, teu ngariung di méja makan. Teu hayang ngajawab. Enya ari laparna mah, tapi da moal lila. Kabeneran baé peuting ieu nyimpang, aya cokoteun di kamar. Uyap-ayap kana saklar, poék geuningan. Boa ti iraha pegatna bohlam. Aya hadéna, ranjang panineungan mo pati atra. Cekés panékér, ramat lancah saliwat rambay, mikarumeuk hiji pigura. Geuwat ngalieus. Saméméh saniskara sora jeung gambar ngaririwaan. Muka lomari, metot serelekna, teu kungsi dipilihan. Hayang geura-geura ngejat. Sakabéh bundelan laju pindah ka jero kantong. Keun baé da yakin ieuh, surat putusan ti pangadilan agama baris nyempil di antarana.*
Muhammad Shohiba Nu'man - kisuta.com


