Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kalangsu

Rabu, 14 Mei 2014

“KADÉ, ulah ka beulah dinya!” Reg. Ngarandeg. Luak-lieuk. Dangdak-dengdék ka lebah sora. Simpé. Panon rut-rét. Taya kalakay nu oyag. Huleng, ngahuleng. Ukur sajongjongan. Suku kalah terus ngagugusur. Cadu kudu jejerih! Aing lalaki langit! Kuring terus gogorobasan. Suku tatu. Getih rembes. “Héy! Ulah los-losan ka dinya!” Reg. Ah, tong sok sadéngé-déngéna! Leumpang mah kumaha aing. Napsi-napsi wé. Aing mah aing, sia mah sia! Kuring kalah beuki mangprung. Rerembet beuki satangtung. Teu nolih nu garurawés. Suku tatu beuki ngewag. Getih ngocor. Léngkah angger henteu kandeg. Getih robah jadi nanah. Tina tatu bilatungan. Léngkah beuki ngagancangan. “Ceuk aing montong ka dinya! Torék sia téh?” Sora nyentak handaruan. Langit ngadadak hieum. Kolényay. Jelegér. Gélédég nyamber. Gur, seuneu hurung ngabebela. Haté sebér. Culang-cileung nyiar jalan pilumpateun. “Kedah ka mana atuh?” Ngagorowok niruk langit. Taya jawaban. Seuneu terus ngabebela. “Kedah ka manaaaa?” Jempé. Kuring terus celak-celuk. Seuneu kalah beuki gangas. Kuring ngocéak. Raga tutung jadi lebu.*

Nana Sukmana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya