Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nyampeurkeun Ringrang

Jumat, 16 Mei 2014

LENGKAH semu ngarengkog. Gapura pasantren teu robah, angger siga tilu taun katukang. Pulasna semu pias. Siga hate nu ieu mangsa harita.
Geus boga anak hiji Neng Sari teh. Cenah, eta ge. Salakina ngilu ngajar di pasantren. Ngajarkeun kitab-kitab garede. Wajar, da manehna teh anak ajengan geledegan. Malahan, ramana Neng Sari, guru kuring, pernah sorogan ka bapana basa keur masantren keneh.
"Abdi teh seja ngiring ngaos deui di dieu, Pangersa..." ceuk kuring semu ngaharewos. "Syukur atuh ari rek di dieu deui mah. Kabeneran geus ngurangan santri nu garede teh." Aya nu datang, mawa cai kana baki. Hate ngalenyap. Neng Dewi...raina Neng Sari. Pangling.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya