Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Manehna

Sabtu, 17 Mei 2014

RUPA tukangeun jandéla. Geus dua minggu ti mimiti poé munggaran. Melong manéhna. Ti tukangeun jandéla pisan. Kaciri unggal malikeun awakna aya rasa guligah anu pohara napel teu weleh maturan. Manéhna mencrong seukeut. Kuring nyumput ti tukangeun hordéng, bari noong. Aya sésa kalangkang kabaya pulas kasumba, sakolébat buukna hideung meles panjang ngarumbay. Gerentes haté ”Manéhna saha? Urang mana?” Tapi poé ieu. Kuring moal nyumput deui mun manéhna maling teuteup deui. Hordéng rek dibukakeun sing lega, rék méré imut manis pisan. Teu lila kuring ngadagoan. Bray jandéla, manéhna mukakeun hordéng, teup, paadu teuteup, sorot panona seukeut nanceb, tapi dina kongkolakna kaciri hirupna simpé pinuh kamelang. Lila silih pencrong. Kuring ayeuna sadar, jeung eces pisan, eta panon kuring, kabaya kameumeut kuring, buuk hideung ngarumbay kareueus kuring hiji-hijina anu nyesa. Segruk ceurik. Kuring geus aya didunya anu béda.*

Iwan Hanjuang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya