Kaduhung
BASA dulur uing tingkalacat kana beus. Uing meureudeuy. Angot basa beus ngageuleuyeung mah. Uing jumerit, kumejot, meni hayang boga jangjang, hayang ngudag. Hayang miheulaan nyegat, jol geus aya di rawayan. Deuh, kuharianeun! Kaduhung ngeukeuweuk karudet. Boro geus dianjam ti anggangna. Hayang ngebak di wahangan Kanékés. Hayang nyeuseup angin gunungna. Rék duét rebab jeung suling Baduy. Deuh hanjelu sagede gunung, medenghel, merengkel. Kacipta balakécrakan di saung ranggon. Antukna wungkul ngahérang. Neuteup lalangit bari haté mah kumalayang ka Kanékés. Rét kana rebab. Bangun nu ngabaeudan. Bangun nu nganaha-naha. Ceg, laju diusapan. Na atuh, barang barang rék dikését. Ana jeprét téh dumadakan kawatna pegat. Reup, listrik aliran. Leng. Bréh. Dulu-dulur uing, kolot-kolot uing keur sukan-sukan gogonjakan. Haté mingkin nalangsa. “Bongan nyanéh sujang, bet ngeukeuweuk jaheut” ceuk hiji sora. Meg. Mingkin peurih.*
Yuharno Uyuh - kisuta.com


