Teu Sakeclak-keclakna Acan
CLÉ. Iber singget néngtét‘na hapé.
“Balik heula!” Sumber iber diuber. Anjog. Nu ngajepat di patengahan imah, katempo béngo. Dirawu dipangku. Sarwawalurat. Dijajap béca ka klinik. Paramédis boboléh. Dirujuk. Ambulan ngadius, balap jeung sésa rénghap. UGD RSU. Pagawé daréhdéh mapagkeun. Dagdag-dégdég narima pasién, tuluy patingkorolos tanpa permios.
Nu gering ilang kasadaran. Guyang tai. Mabek amburatel. Buru-buru dielapan ku baju jeung simbut urut meunang ngajejewét. Simpé taya pagawé.
“Pa diantos!” Ngiclik. Administrasi tarapti. Pagawé cug-ceg. Paciweuh méré tindakan. Nu gering teu kecet-kecet. Dipindahkeun ka rohangan rawat. Angger ngajepat, parat nepi ka dokter ragrag ucap, “Candak uih baé!” cenah megatkeun duriat nu natrat. Digugu. Utang-itung. Mereketkeun kampal-kumpul keur mulangkeun cisusu. Babayar. Mulang. Di imah nu gering nguniang. Dirawat gemet daria. Nu diponis pondok harepan, manjang pulih sabihari.
“Katarima sagalana ku ema Sujang,” bari ngarurubkeun samping kebat ka beungeut kuring. Sakolébat imutna. Ngarobah sakarat jadi nikmat.*
Mulyana SA - kisuta.com


