Pakanci 8 - Cheonggyecheon
CIKAPUNDUNG meulah kota Paris van Java. Matak pangling. Bau tujuh rupa jeung kokotor teu kapanggih. Imah bédéng jeung kios nu jualan sagala rupa, ilang tanpa karana. Cikapundung ngajanggélék jadi hiji susukan nu éndah kagiri-giri. Caina hérang ngagenclang. Bisa dipaké ngeunteung. Ti handapeun jalan Asia Afrika parat nepi ka jalan ABC, nyuguhan panon ku landskap panorama. Gurat susukan ngahaja dijieun siga ombak. Sisina dibebenah. Tina tungtung cai ka luhur dipasangan keramik warna soklat ngora. Narik ka sisi, warna keramik beuki ngolotan. Handapeun tungtung jalan dijadikeun panyarandéan. Korsina témbok ditutup keramik. Sababaraha gunduk kekembangan mapaésan antara korsi. Luhureun panyarandéan dipelakan pager hirup. Marakbak. Naha énya kitu ieu téh Cikapundung? Gap kana peta. Dibuka. Tarang kerung. Geuning kuring téh lain keur leumpang di Jalan Cikapundung. Halah ieung. Ieu mah Chéonggyéchéon-ro. Jalan nu simétris jeung susukan Chéonggyéchéon. Susukan nu meulah kota Seoul. Koréa. Haté ngaleketey. Ieu susukan téh pan asalna mah siga Cikapundung…*
Deni Riaddy - kisuta.com


