Sastra & Humor
Fikmin
Paguneman Haté
Minggu, 25 Mei 2014
AYA cahya ngolébat. Blus kana haté. Dok-dak di jero. Inggeung awak.
Koléaaaaang, gubrag! Usek-usekan kawas nu sakalor. Raga kasiksa. Istighfar murudul tina sungut. Narikan. Gagauran.
Usik, bray beunta. Ilang sakabéh rasa. Nyaliksik, nalungtik bisi aya nu tatu. Gigibrig.
Dosa geus kalampah. Éra ku Nu Maha Kawasa. Wayahna kudu narima akibat tina sabab. Égo geus kumawasa. Kaluar tina tetekon.
Jol aya sora. "Entong noongan waé bohong. Ulah nyumput dina rumasa. Ngaji diri di dinya!" écés pisan. Gura-giru cengkat, beberesih.
Angin humiliwir jeroeun dada. Inten berlian kapanggih deui. Ngagoréhél. Gugurilapan nyaangan dunya.*
Irman N Dimyatié - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


