Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Noél Bulan Ku Asiwung

Minggu, 25 Mei 2014

SARATUS purnama keur meujeuhna ngempur. Sumiratna tinggal saudat, katutup ku warna-warni lampu nu sumebyar ti unggal juru. Nyéh bulan seuri basa ku kuring dipelong, siga nu nganteur harepan basa manggihan manéhna di buruan kantor. Kiceup kadeudeuh mapag geter rasa nu nyaliara saawak-awak. Sono nu tohaga. Sasat pagilinggisik unggal usik. Keukeuh ku hayang padeukeut. Nyarandékeun katrésna. Mépéndékeun hate, nyorang kabagjaan.
Katrésna mah teu wawuh jeung umur. Teu baraya-baraya acan jeung dunya. Eta mah duriat nu ngagalura na jero dada urang. Pan kitu cék anjeun. Matak teu pamohalan basa kuring mentangkeun asih di rohangan anjeun pisan. Harita sagala rasa urang duaan caah ku harepan.
Peuting ieu. Basa bulan nyalindung dina lahunan srangéngé. Guligah. Teu bisa dibangbalérkeun. Hamo bisa dipopohokeun. Kecap anjeun lir balati nu nurihan haté, ngagudawangkeun rasa. Anjeun, kuring: END! Pédah kuring leuwih ngora. Pédah kuring bawahan. Pédah ngaran kuring Sangkuriang.*

Deni Riaddy - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya