Garung
“KAMI moal mikeun Si Bungsu, Kang...” Inghakna kacandet di saung. Pageuh ngarangkul aisan. “Aing teu sanggup mikul ieu momot!” Silihteuteup. Ngakurkeun reregas rupa haropak. Ngaheneng. Laju sapasang waruga kanyos. Mangpéngkeun teuteup nahnay ka jauhna. Norah langit garing bumi garung. Harepan nu lana ditandur. Pugur dina nebana pasawahan ngajejembrung. Teup. Lebah célak-célak pilemburan. Aya kalangkang suhunan lawas diborahkeun.
“Rék tepi ka iraha?” Inghakna ngerepan. Anakna ngulisik. Kusiwel. Kana rangkebong dada. Tapi cisusuna salawasna saat. “Takdir nu ngabureskeun sakabéhna!” Rénghap-ranjug. Aya nu leuwih ragas dina batinna. Leuwih murilit batan peujitna séwang-séwang. Ka mana kudu nyiruruk. Banda. Ingon-ingon. Satampah impian. Katut hégak-hégak nu kungsi marengan. Hiji-hiji diweredonan samar lalakon.
Sora inghak geus lila simpé. Koréléng. Lalaki ka pipir saung. Gék. Rét ka luhur. Neguh saniskara rusiah satukangeun méga. Deui-deui. Nyarandékeun anakna dina kamalir. Gurilap. Bedog katojo matapoé. Tunjangeunna. Angin katiga. Ngusap genep tutunggul anakna. Laju ngahiur. Ngayunkeun beuheung awéwé dina bakutet samping aisan.*
Ari Andriansyah - kisuta.com


