Musababna
GEUS lila dimimitianna mah. Ti abad 20 kénéh, dékade 70-an, lian ti pampasan perang, modal ngawangun nagara téh nya meunang huhutang. Teu kabéh panuju mémang, tapi lolobana mah bariluk. Ngareuah-reuah pabrik nu ngaradeg, gedong kantor nu pating jungkiring. Méh kabéh kawijakan ditangtukeun ti Washington, New York, jeung London.
Kadieunakeun, waktu Obama manggung, pasukan Amérika nu aya di Ustrali dirempegan. Teu disebut pangkalan militér, da ukur nambahan jalma, kapal perangna mah ngarangkleung di Pasifik jeung Samudra Hindia. Sawaréh ningker nagara-nagara Arab jeung Afrika, bari teu wasa merangan bajo di Somalia.
Lima puluh taun ti harita, Tangerang jeung Jakarta dirurug Pasukan Jarébadi, bapa Sudan indung Cileungsi. Présidén lumpat ka Pangandaran, ngadegkeun dayeuh di Cijulang. Jakarta suwung, sanajan gedong-gedongna masih sigrong, ukur dicicingan ti Cilandak ka kidulkeun. Virus hanaang marakayangan, disebrotkeun Jarébadi ti lebah Pluit. Meunang limalas taun mah ukur badak jeung bagong nu kuat hirup di dinya. Ngagarimbung di sisi Cihaliwung.*
Maman Gantra - kisuta.com


