Taeun
DINA hiji mangsa, teuing iraha, aya hiji kapal rék lalayaran. Sakabéh sasatoan dibawa asup kana jero kapal sapasang-sapasang. Nu diabuskeun kana jero kapal téh salian ti jelema, tatangkalan, jeung kekembangan, nu pangpinuhna mah nyaéta, kandang sasatoan, da panglobana.
Nahoda tuluy maréntahkeun ka sakabéh sato nu jalu, supaya neundeun heula "taeun"na. Soalna mah bisi "taeun" dina jero kapal. Kumaha mun tuluy aranakan? Atuh kacipta meureunan bakal tambah pinuh kapalna. Keur mah harita Nahoda teu sempet mawa paraji, komo bidan, jadi watir matak ripuh ogé. Tah, tuluyna, "taeun" sasatoan téh dicaroplokkeun, tuluy dikait-kaitkeun kana tempat nu geus disadiakeun. Kacipta ting-garantung rupa-rupa taeun nya?
Singget carita...Sanggeus angkleung-angkleungan di laut, kapal téh tuluy nyangreud dina handapeun hiji gunung. Eta gunung téh héjo ngemploh, leubeut ku tatangkalan, cai cur-cor, cocog pisan keur ngamimitian hirup anyar. Sanggeus Nahoda ulak-ilik ka darat, tuluy maréntahkeun sakabéh pangeusi kapal kaluar pikeun neruskeun hirupna séwang-séwangan. Atuh ngadéngé kitu, sakabéh sato euyah-euyahan sarurak. Barang panto kapal dibuka téh, kabéh lalumpatan ting balecir...aya nu ka leuweung, aya nu ka leuwi, aya nu naék kana tatangkalan, aya nu asup kana guha jeung sajabana...
Tapi teu lila, Nahoda ngadadak inget kana teuteundeunan taeun sasatoan. Atuh, Nahoda ngagorowok deui satarikna, "Wooooi ! Sakabéh sato jalu, balik deui ka kapaaaaal..."taeun" na taringgaleun!"
Gebeg ! Ngadéngé kitu, éta sakabéh sasatoan téh kacida reuwas, atuh tuluy paheula-heula asup deui kana kapal muru kana panyimpenan “taeun” téa. Kuda anu lumpatna pangtarikna, pangheulana anjog ka tempat teuteundeunan "taeun", luak lieuk heula, tuluy nyokot taeun nu panggedéna. Teuing boga saha, “pokona mah sikat wé,” ceuk pikirna. Ceklék! Dipasang. Kuda tuluy lumpat deui moro kuda bikangna bari surungah-séréngéh.
Gajah nu leumpangna boyot, teu bisa lumpat tarik. Kapaksa manggihan "taeun" nu nyésa, “lumayan leutik gé lah, daripada euweuh,” ceuk pikirna bari ngahelas na jero haté.
Bébék nu leumpangna ngagéol, teu manggihan "taeun"na. Padahal geus ditéangan kamana mendi ogé, teu manggihan. Nempo kaayaan kitu teh, Nahoda karunyaeun, tuluy nyarita, "Jigana mah aya nu nyokot dua atawa tilu ieu téh, geus atuh kieu waé, samentara mah maké wé heula tali kapal, ké mun geus panggih ditukeurkeun deui"
Tah, anu datang pandeuri mah, sireum. Tapi "taeun" na pan leutik, jadi teuing kamana. Boa geus pejét kaijek-ijek ku batur. Kusabab teu kapanggih, Nahoda ngajangjian, mun ké kapanggih rék ngabéjaan ka salah sahiji bangsa sireum.
Anu matak nepi ka ayeuna, Kuda mun leumpang téh jiga nu sombong tea, bari mamerkeun "taeun"na nu badag. Gajah mun leumpang sok bari gogedeg waé, ngahanjakalkeun kana dirina. "Awak gede tapi taeun leutik".
"Taeun" bébék nepi ka ayeuna masih kénéh jiga tali kapal sapotong, jiga spiral.
Tuluy sireum, nepi ka ayeuna tiap papanggih jeung papada baturna téh, sok ngarandeg sakeudeung bari silih nanya , "Geus panggih acan "taeun" urang?"
Meureuuuuun, éta ogé …*
Is Tuning - kisuta.com


